Friday 7 October 2016

Sejaran Desa Rajadanu - Kuningan


Saya akan sajikan dalam Bahasa Sunda:
Narasumber berupa foto dibawah:

Sasakala Désa Rajadanu
Zaman baheula di tatar Jawa Kulon aya hiji nagara atawa karajaan anu disebut karajaan Galuh. Numutkeun sajarah ieu karajaan téh dirajaan ku Prabu Raja Déwa Wisésa, anu kaceluk kasaktianana dina amarahna. Cék carita lamun Prabu Raja Déwa Wisésa nyiduh kena kana hulu anjing, éta hulu anjing téh bisa bubuk atawa remek.

Prabu Raja Déwa Wisésa ngagaduhan katurunan diantarana anu kapendak dina dongéng anu cikal namina Rahyang Kidul. Saparantosna déwasa, Rahyang Kidul dipercanten neraskeun tahta atawa pamaréntahan nyepeng kalungguhan janten raja di karajaan Galuh kadua. Kusabab tos sepuh jeung tos lami ngabahu denda di karajaan kadua, Rahyang Kidul nyerahkeun karajaan Galuh ka rayina nya éta sepuhna Prabu Pamanahrasa anu gelar Prabu Siliwangi.

Saparantosna karajaan diserahkeun ka Prabu Siliwangi, Prabu Rahyang Kidul muhit diri nyucikeun raga nya éta tatapa di hiji tempat anu jeneng tempat éta caket sumur anu nami sumur Denuh. Dina mangsa tatapa Rahyang Kidul gentos nami janten Raja Resi Wanayasa. Harti tina Raja Resi Wanayasa nya éta Raja hartina yén anjeunna tilas raja, Resi hartina élmu, Wana hartina tempat atawa leuweung, yasa hartina gawé. Jadi Raja Resi Wanayasa téh ngandung harti yén raja keur muhit diri, kaayaan di leuweung bari ngatur  pagawéan.

Saparantosna loba pendatang ti tiap-tiap penjuru, para sesepuh atawa karuhun  didinya nangtukeun yén tempat éta disebut désa Rajadanu. Ngan kusabab aya petunjuk ti luluhur, dina mangsana Prabu Raja Resi Wanayasa cicing di désa Rajadanu disebut Embah Buyut Dalem Tapa. Dugi ka kiwari loba pendatang ti tiap-tiap penjuru ngiring munajat atawa jaroh ngalap barokahna ti Embah Buyut Dalem Tapa kanggo kapentingana masing-masing, misalna waé nu meryogikeun ilham atawa petunjuk dina widang kalahiran atawa widang kabatinan anu heunteu ngalanggar aturan-aturan agama, hususna patokan-patokan agama Islam.

Anu dipantangkeun ku Embah Buyut Dalem Tapa  atawa anu teu direstuan kayaning anu kasebut ngalanggar aturan agama tadi, diantarana teu menang maténi ( maéhan), teu meunang madon (lacur), teu meunang maén (ngadu), teu meunang maling, teu meunang mabok, sareng anu dilarang ku aturan agama. Upamina badé lebet ka éta tempat, kedah nyucikeun heula diri (wudhu) teu kakantun kedah ngalaksanakeun salat lima waktu, kitu nurutkeun carita dongéng anu kapendak ti para kokolot tug nepi ka kiwari. Tapi keur di Rajadanu mah teu aya kuncén anu matok. Dimana aya nu jaroh timana boh timana asal dijajap ku orang Rajadanu insya alloh bakal ditemonan. Éta riwayat singkat asal usul désa Rajadanu anu kapendak ti para sesepuh.


Embah Buyut Limaluhur
Embah Buyut Lima Luhur asalna urang Padang (Minangkabau). Dina zaman harita jenengna Embah Buyut Gombes. Dina zaman karajaan Majapahit aya beja anu katarima kaluar karajaan yen di Majapahit aya munding sakti anu warnana bodas, disebut oge munding bule. Hiji waktu diayakeun saembara adu kebo. Ti Minang Embah Buyut Gombes mawa eneng ( jagir, anak munding), dibawana ku vara dikantongan, tujuanana rek milu saembara adu kebo. Satepina ka karajaan Majapahit, munding bule anu sakti teh nya ayana di Rajadanu gaduhna Embah Buyut Mahesasuro, anu situsna ayeuna disebut Hurung Dapung. Munding gaduhna Mahesasuro teh warnana bule, tandukna sawaktu-waktu sok hurung siga bentang. Sasampena di Majapahit Embah Buyut Gombes ngaluarkan jagir tina kantongna, tuluy diadukeun jeung munding anu aya di Majapahit. Dina carita, kusabab eta jagir lapar anu ahirna lain tarung tapi neangan susu bikangna. Ngan kusabab eta munding teh jalu, ahirna ngenyot kanjut sirit munding. Kusabab getekeun eta munding jalu gede teh lain ngalawan tapi kalah lumpat. Cek pakarepan orang Minang eta munding Majapahit teh eleh, anu ahirna orang Minang ngakukeun “ Aku Minangkabau. . .” Saentosna rengse adu munding anu sawareh mulang ka Minang, mung anu jeneng Embah Buyut Gombes mangguron ( ngaguru ) ka Embah Buyut Dalem Tapa.

Puluhan taun, welasan bulan, lami-lami pendatang di Rajadanu loba anu ngagaduhan riwayat masing-masing kalayan domisili di Rajadanu. Ahirna saparantosna loba pendatang ti tiap-tiap pelosok, Embah Buyut Dalem Tapa ngariungkeun para pendatang eta, pikeun ngabadamikeun perkara anu maksud kudu nyieun pamarentahan di eta tempat. Singget carita anu katarima Enbah Buyut Gombes dibere mandat ku Embah Buyut Dalem Tapa pikeun jadi Lurah, nepi ka kiwari jenengna Embah Buyut Lurah. Situsna aya di Lemah Luhur. Lemah hartina taneuh, luhur hartina tinggi. Para luluhur anu dongkap ka rajadanu, anu sanesna diistenan pikeun ngurus eta lembur. Kayaning Embah Buyut Gedong salaku Sekdes (juru tulis), Embah Buyut Maruyung salaku Ekbangna, sareng para Buyut-buyut nu sanesna pikeun pelengkap di eta tempat. Tepi ka kiwari Enbah Buyut Lurah ngagaduhan wasiat saha bae sareng iraha bae, upamina aya nu bade nyalon kuwu atawa kapala desa sok jaroh ka makom  Embah Buyut Lurah.

Narasumber adalah Tokoh Masyarakat Desa Rajadanu